SAJARAH SUNDA JEROEUN KABUDAYAAN SUNDA
Bhineka Tunggal Ika teh lambang nagara Republik
Indonesia. Eta lambang hartosna "rupa-rupa tapi hiji ", ngandung
hartos yen Indonesia diwangun ku rupa-rupa sukubangsa, kabudayaan, katut nusa,
tapi sakumna sapuk ngahiji jadi bangsa Indonesia pikeun ngudag hiji cita-cita
nasional nya eta masyarakat adil jeung ma'mur.
Salasahiji anggota bangsa Indonesia nya eta sukubangsa Sunda anu miboga kabudayaan jeung lemah cai sorangan, wujudna mangrupa kabudayaan Sunda jeung Tanah Sunda atawa Tatar Sunda. Kecap Sunda anu ngandung harti wewengkon atawa daerah mimiti kacatet dina prasasti (Prasasti Juru Pangambat) taun 458 Saka (536 Masehi). Anu pasti pisan Sunda sabage nagara (karajaan) kacatet dina prasasti Sanghiyang Tapak taun 952 Saka (1030 Masehi). Dina ieu prasasti disebutkeun sababaraha kali yen Sri Jayabhupati ngaku sabage raja Sunda. Tanah Sunda perenahna di beulah kulon hiji pulo anu ayeuna jenenganana Pulo Jawa. Ku kituna eta wewengkon disebut oge Jawa Kulon. Ceuk urang Walanda mah West Java. Sacara formal istilah West Java digunakeun ti mimiti taun 1925, nalika pamarentah kolonial ngadegkeun pamarentah daerah anu statusna otonom sarta make ngaran Provincie West Java. Ti mimiti zaman Republik Indonesia (1945) eta ngaran propinsi anu make basa Walanda teh diganti ku basa Indonesia jadi Propinsi Jawa Barat.
Salasahiji anggota bangsa Indonesia nya eta sukubangsa Sunda anu miboga kabudayaan jeung lemah cai sorangan, wujudna mangrupa kabudayaan Sunda jeung Tanah Sunda atawa Tatar Sunda. Kecap Sunda anu ngandung harti wewengkon atawa daerah mimiti kacatet dina prasasti (Prasasti Juru Pangambat) taun 458 Saka (536 Masehi). Anu pasti pisan Sunda sabage nagara (karajaan) kacatet dina prasasti Sanghiyang Tapak taun 952 Saka (1030 Masehi). Dina ieu prasasti disebutkeun sababaraha kali yen Sri Jayabhupati ngaku sabage raja Sunda. Tanah Sunda perenahna di beulah kulon hiji pulo anu ayeuna jenenganana Pulo Jawa. Ku kituna eta wewengkon disebut oge Jawa Kulon. Ceuk urang Walanda mah West Java. Sacara formal istilah West Java digunakeun ti mimiti taun 1925, nalika pamarentah kolonial ngadegkeun pamarentah daerah anu statusna otonom sarta make ngaran Provincie West Java. Ti mimiti zaman Republik Indonesia (1945) eta ngaran propinsi anu make basa Walanda teh diganti ku basa Indonesia jadi Propinsi Jawa Barat.
Sangkan jaga
henteu nimbulkeun salah paham atawa ngabingungkeun, pedaran ngeunaan sajarah
Sunda dibagi dua. Kahiji, medar harti sajarah jeung gambaran sajarah Sunda
nurutkeun kabudayaan Sunda. Kadua, medar sajarah Sunda dumasar hasil
panalungtikan elmu sajarah. Soalna, harti sajarah sacara tradisi dina hirup
kumbuh urang Sunda mangsa katukang geuning beda atawa aya bedana jeung harti
sajarah dumasar elmu sajarah ayeuna. Sacara tradisi harti sajarah ceuk urang
Sunda teu bina ti legenda atawa mitologi, nyaritakeun kahirupan manusa di ieu
dunya, tapi bari dipacampurkeun hirup kumbuhna jeung kahirupan mahluk gaib
kayaning jin, arwah luluhur, sato kajajaden. Apan sajarah nurutkeun elmu
sajarah mah kudu nyaritakeun kahirupan manusa di ieu dunya anu sajalantrahna,
bisa dibuktikeun manusa-manusana kungsi hirup di ieu dunya tur kahirupanana
enya-enya kungsi kajadian. Atuh dina nyaritakeunana kudu kaharti ku akal
(rasional), marele (sistematis), jeung runut runtuyan waktuna (kronologis).
Dina ieu
kasempetan pedaran sajarah Sunda diwatesanan ku sajarah Sunda periode Karajaan
Sunda jeung Karajaan Galuh anu ngawengku waktu kurang leuwih 9 abad ti mimiti
ahir abad ka-7 nepi ka ahir abad ka-16 Masehi.
I. SAJARAH
SUNDA JEROEUN KABUDAYAAN SUNDA
Dumasar
titinggal tinulis anu mangrupa prasasti jeung naskah, dina abad wewelasan urang
Sunda geus katembong gede kasadaran sajarahna. Sababaraha prasasti anu
dikaluarkeun ku raja Sunda disebutna sakakala. Eta istilah ngandung harti
pangeling-ngeling; pangeling-ngeling ka mangsa katukang. Jadi, prasasti
sakakala hartina prasasti anu dikaluarkeun atawa eusina pikeun mieling hiji hal
(kajadian, kaayaan) anu geus kalakonan. Beda jeung prasasti piteket, nya eta
prasasti anu dikaluarkeun pikeun mutuskeun hiji hal atawa anu eusina kaputusan
raja ngeunaan hiji hal. Eusi prasasti sakakala nyaritakeun kajadian atawa
kaayaan mangsa katukang, ari prasasti piteket ngembarkeun hal anu kajadian
harita. Kukituna prasasti sakakala leuwih eces nembongkeun kasadaran sajarahna
tibatan prasasti piteket, sok sanajan duanana oge ngandung ajen dokumen
historis. Prasasti Batutulis anu aya di kota Bogor ayeuna bisa dijadikeun conto
prasasti sakakala. Ieu prasasti anu ditulis make basa Sunda (kuna) dikaluarkeun
ku Prabu Surawisesa (raja Sunda nu marentah taun 1521-1535) taun 1533 pikeun
mieling ramana, Sri Baduga Maharaja (raja Sunda nu marentah taun 1482-1521), anu
pupus 12 taun kalangkung (1521) bari sakalian ngayakeun upacara srada, nya eta
upacara pikeun nyampurnakeun arwah luluhur. Dina ieu prasasti dicaritakeun
ngeunaan gelar Sri Baduga Maharaja anu sababaraha kali gentos luyu sareng
kalungguhanana, luluhur Sri Baduga, jeung hasil garapanana. Unina awal eta
prasasti kieu. "Wan na pun. Iti sakakala Prebu Ratu purane pun. �"
(Mugi-mugi salamet. Ieu tanda mieling haturan Prebu Ratu almarhum. �). Conto
prasasti piteket nya eta prasasti Sanghiyang Tapak anu dikaluarkeun ku Sri
Jayabhupati, raja Sunda taun 1030-1042. Ieu prasasti ngabewarakeun kaputusan
Sri Jayabhupati ngeunaan wates daerah kabuyutan (daerah kaagamaan) Sanghiyang
Tapak, larangan ngaganggu eta daerah kabuyutan, larangan ngala lauk di walungan
nu aya di eta daerah, jeung ancaman hukuman ka sing saha anu ngalanggar
larangan-larangan kasebut.
Luhurna
kasadaran sajarah urang Sunda harita katembong oge tina amanat Rakeyan
Darmasiksa, raja Sunda taun 1175-1297, ka putra-putuna, jembarna ka sakumna
urang Sunda sapandeurieunana. Eta amanat kaunggel dina naskah Amanat Galunggung
anu ditulis dina daun lontar make aksara jeung basa Sunda (kuna). Unina kieu.
"Hana
nguni hana mangke, tan hana nguni tan hana mangke.
Aya ma beuheula aya tu ayeuna, hanteu ma beuheula hanteu tu ayeuna.
Hana tunggak hana watang, tan hana tunggak tan hana watang.
Hana ma tunggulna aya tu catangna."
Aya ma beuheula aya tu ayeuna, hanteu ma beuheula hanteu tu ayeuna.
Hana tunggak hana watang, tan hana tunggak tan hana watang.
Hana ma tunggulna aya tu catangna."
(Aya bareto
aya jaga, lamun teu aya bareto moal aya jaga.
Aya baheula aya ayeuna, lamun teu aya baheula moal aya ayeuna.
Aya iteuk aya dahan, lamun teu aya iteuk moal aya dahan.
Lamun aya tunggul tangtu aya urut tangkalna.)
Aya baheula aya ayeuna, lamun teu aya baheula moal aya ayeuna.
Aya iteuk aya dahan, lamun teu aya iteuk moal aya dahan.
Lamun aya tunggul tangtu aya urut tangkalna.)
Hiji
cecekelan hirup manusa anu sifatna historis, ngandung tilu dimensi sajarah:
mangsa katukang, mangsa ayeuna, jeung mangsa nu bakal datang. Yen dina
ngalakonan hirup alam ayeuna perlu nyoreang jeung ngaca ka alam tukang sarta
seukeut deuleu jeung teteg hate dina nyanghareupan alam nu bakal kasorang.
Sabab, saur Ayatrohaedi oge, sajarah teh nya eta tapak lacak nu kasorang,
cecekelan urang leumpang, enggoning ngudag tujuan.
Atuh babaran
sajarah anu luyu jeung eta kasadaran sajarah aya contona, seperti babaran
sajarah nu aya dina naskah Bujangga Manik (disusun memeh taun 1511) jeung
naskah Carita Parahiyangan (disusun teu lila ti saruntagna Karajaan Sunda).
Bujangga Manik nyaritakeun pangalaman pangarangna (Prabu Jaya Pakuan) nalika
ngalalana ngurilingan Pulo Jawa jeung Bali. Sacara ringkes Carita Parahiyangan
nyaritakeun sajarah Karajaan Sunda jeung Karajaan Galuh ti mimiti ngadeg nepi
ka runtagna. Raja-raja Sunda jeung Galuh ditataan saurang-saurang bari
disebutkeun lilana nyekel pamarentahan.
Hanjakal
pisan kasadaran sajarah jeung cara nyusun sajarah kitu teh henteu lana, da
sabadana mah sajarah teh dihartikeunana meh sarua jeung legenda, malah sarua
jeung mitologi. Atuh carita-carita sajarahna oge disusun dumasar eta harti nepi
ka eusina pacampur antara sajarah jeung legenda atawa mitologi. Tegesna,
sajarah meh taya bedana jeung dongeng. Gambaran sajarah kitu teh babakuna lamun
nyaritakeun zaman Karajaan Sunda, Karajaan Galuh, jeung sumebarna Islam di
Tanah Sunda. Katembong pisan saruntagna Karajaan Sunda jeung Karajaan Galuh
urang Sunda ngagungkeun eta dua karajaan. Zaman harita dianggapna, malah
dipercaya, sabage zaman ideal urang Sunda. Katelahna zaman harita teh zaman subur
ma'mur loh jinawi, rea ketan rea keton, tata tengtrem kerta raharja. Tapi
ngagungkeunana ku carita anu sifatna legendaris atawa mitologis boh dina
wangunan tradisi lisan boh dina wangunan tradisi tulisan. Tradisi lisan
ngawujudna dina carita pantun, carita legenda hiji tempat, kapercayaan
sabubuhan masyarakat, saperti carita pantun Mundinglaya di Kusumah, Ciung
Wanara, Lutung Kasarung, legenda leuweung Sancang, kapercayaan kana maung
kajajaden anu asalna rayat Pajajaran. Tradisi tulisan ngawujud dina naskah,
saperti Babad Pajajaran, Carios Prabu Siliwangi, Wawacan Kean Santang, Sajarah
Banten, Carita Dalem Pasehan. Mundinglaya di Kusumah, putera raja Pajajaran,
bisa ngapung nyaba ka langit padahal henteu jangjangan sarta bisa ngelehkeun
mahluk gaib raksasa (Jonggrang Kalapetung) ku kakuatan gaib. Ciung Wanara keur
mangsa orokna dipalidkeun ka walungan, terus nyangsang dina badodon (alat
paranti ngala lauk) Aki Balangantrang, tapi henteu kua-kieu, salamet.
Guruminda, putera (dewa) Sunan Ambu, ti kaindraan turun ka dunya bari nyamar
jadi lutung (Lutung Kasarung) sangkan patepung jeung putera mahkota, Purbasari.
Ku kakuatan gaib Guruminda bisa ngayakeun karaton nu singsarwa endah jeung
ngabendung walungan masing-masing dina waktu ukur sapeuting. Kean Santang, putera
raja Pajajaran Prabu Siliwangi, bisa napak rancang dina beungeut cai laut
nyebrang nepi ka tanah Arab. Di Arab Kean Santang tepang sareng Bagenda Ali,
oge Nabi Muhammad. Kean Santang lebet Islam, alatan eleh jajaten teu mampuh
nyabut iteuk Bagenda Ali anu ditanclebkeun kana taneuh. Sunan Burung Baok,
putera Prabu Siliwangi, bisa nerus bumi ti Pakuan (Bogor) ka Suci (Garut)
bulak-balik.
Harti jeung
gambaran sajarah kitu teh di kalangan tertentu masyarakat Sunda masih keneh
lumangsung nepi ka ayeuna. Nepi ka taun 1984 hiji tokoh Sunda di Bandung sok
ngadatangkeun roh Prabu Siliwangi anu ngajirim dina awak anak buahna. Sacara
teu sadar eta anak buahna nembangkeun kidung anu pikasediheun bari
gerak-gerikna siga maung. Dina hiji pajumuhan ilmiah sim kuring kungsi medar
sababaraha urang raja Sunda anu hengker tur goreng adat jeung laku-lampahna
nepi ka ngabalukarkeun karajaan jadi nyirorot kakuatanana, malah ahirna mah
runtag samasakali (1579). Teu lila ti harita muncul komentar-komentar anu
sifatna emosional ti sababaraha tokoh Sunda. Aranjeunna nganaha-naha sarta
henteu nampi eta pedaran kalawan alesan anu teu jelas. Ringkesna mah,
aranjeunna henteu suka raja Sunda digogoreng kitu. Padahal pedaran sim kuring
dumasar kana informasi tina naskah Carita Parahiyangan anu disusun ku pangarang
warga keneh Karajaan Sunda. Minangkana mah eta pangarang manghanjakalkeun ka
raja-raja Sunda anu talajakna kitu.
Harti jeung
gambaran sajarah Sunda saperti dipedar di luhur teh mimiti muncul dina awal
abad ka-18 sanggeus kabudayaan Jawa asup ka jero kabudayaan Sunda. Asupna
kabudayaan Jawa ka Tanah Sunda di mimitian ku asupna kakawasaan Kasultanan
Mataram ka Priangan (1625) jeung ka Cirebon (1650). Saenyana dina ahir abad
ka-17 nepi ka awal abad ka-18 masih aya keneh tulisan sajarah (historiografi)
anu sifatna historis dihasilkeun di Tatar Sunda, nya eta ti Cirebon jeung ti
Banten anu geus ngajanggelek jadi karajaan Islam (kasultanan). Bisa jadi eta
tulisan sajarah teh, di sagigireun masih keneh aya pangaruh alam pikiran zaman samemehna,
oge dipangaruhan ku konsep sajarah nurutkeun paham Islam. Asupna kabudayaan
Islam ka Tatar Sunda dimimitian ku kagiatan buniaga jeung mukimna para sodagar
Islam di palabuan-palabuan Karajaan Sunda. Eta kaum muslimin ditangtayungan ku
Kasultanan Demak (1475-1546). Tapi sanggeus kakawasaan di Tanah Sunda aya dina
cangkingan pamarentah kolonial Walanda (ti wangkid 1800) harti jeung gambaran
sajarah anu miboga sifat legendaris/mitologis teh beuki ngandelan tur nerekab
ka meh sakumna masarakat Sunda. Sigana mah eta teh perlambang kaayaan sabenerna
yen urang Sunda geus teu boga kakawasaan deui di lemah caina, anu nyampak ngan
kakawasaan nu aya di awang-awang atawa dina lamunan. Pikeun ngabeberah hate nya
digambarkeun yen urang Sunda bisa hirup kumbuh pacampur jeung mahluk gaib,
malah bisa ngelehkeun maranehanana.
Aya dua
masalah anu sajalan tur pikatajieun upama dibahas dina raraga ieu pedaran.
Kahiji, masalah Pajajaran sabage jenengan karajaan. Kadua, masalah identitas
Prabu Siliwangi. Dina meh sakumna tradisi tulis jeung tradisi lisan anu disusun
sabada asupna pangaruh kabudayaan Jawa jeung kakawasaan Walanda, karajaan di
Tanah Sunda samemeh asupna Islam make jenengan Pajajaran. Eta tradisi miboga
sifat jeung ajen sastra. Padahal dina sumber-sumber sajarah mah (prasasti,
naskah primer, beja ti mancanagara) di Tanah Sunda teu aya nagara anu
jenenganana Pajajaran. Istilah Pajajaran atawa lengkepna Pakuan Pajajaran dina
eta sumber sajarah dipake pikeun nyebut jenengan puseur dayeuh, lain ngaran
nagara. Ari jenengan nagarana mah nya eta Sunda, Karajaan Sunda.
Timbulna
Pajajaran jadi jenengan nagara, bisa jadi ngaliwatan proses luyu jeung
perjalanan sajarahna. Ti taun 1579 Karajaan Sunda taya wujudna deui, sabab geus
runtag. Nu masih aya keneh wujudna iwal ti titinggalna (prasasti, arca, batu
tahta, benteng, jalan, makam, tatangkalan, tradisi lisan) nu dumuk di patilasan
puseur dayeuh karajaan. Eta titinggal kasaksian keneh ku urang Walanda nu
datang ka eta tempat taun 1687, 1690, 1703, 1704, jeung 1709. Sababaraha
titinggal kasebut masih bisa disaksikeun keneh nepi ka kiwari. Bisa kaharti
lamun zaman harita jenengan puseur dayeuh Pakuan Pajajaran mindeng
disebut-sebut. Ahirna fungsi istilah Pakuan Pajajaran jadi robah. Anu tadina
sacara gembleng sabage jenengan puseur dayeuh, saterusna pecah jadi dua. Pakuan
pikeun jenengan puseur dayeuh sarta Pajajaran pikeun jenengan nagara. Memang
istilah Pakuan Pajajaran asalna tina dua kecap anu miboga harti
sewang-sewangan. Pakuan asalna tina kecap paku (ngaran sabangsaning tutuwuhan
palm) atawa kecap akuwu (tempat padumukan raja), ditambah ahiran an atawa
awalan pa jeung ahiran an anu nuduhkeun harti katerangan tempat; tempat anu
loba tangkal pakuna atawa tempat padumukan raja. Pajajaran asalna tina kecap
jajar, ditambah awalan pa jeung ahiran an anu nuduhkeun kaayaan tempat; kaayaan
(tangkal paku atawa patempatan) nu ngajajar. Aya nu nafsirkeun Pakuan Pajajaran
teh nuduhkeun loba tangkal paku anu ngajajar di sabudereun karaton atawa
sabudereun puseur dayeuh. Aya oge tafsiran Pakuan Pajajaran teh nuduhkeun lima
wangunan anu ngajajar di kompleks karaton. Dina Carita Parahiyangan eta lima
wangunan karaton disebut jenenganana Sri Bima Punta Narayana Madura Suradipati.
Istilah
Sunda sabage jenengan nagara kaluli-luli, lila-lila robah dipake jenengan
wewengkon, penduduk, katut kabudayaanana, nya eta Tanah Sunda (oge Selat Sunda,
Sunda Besar, Sunda Kecil, jeung Dataran Sunda), urang Sunda, jeung kabudayaan
Sunda. Kituna mah memang aya kabiasaan di kalangan masarakat yen jenengan puseur
dayeuh, malah jenengan karaton, sok dipake pikeun nyebut jenengan nagara,
saperti Surosowan di Banten, Ngayogyakarta jeung Surakarta di Tanah Jawa.
Teu aya deui
raja Pajajaran anu pangkamashurna iwal ti Prabu Siliwangi. Tegesna, Prabu
Siliwangi teh raja Pajajaran anu taya tandingna. Waktu dimasalahkeun, naha
Karajaan Pajajaran ngan boga hiji-hijina raja anu kamashur? Sacara tradisi
jawabna teh, kusabab sadaya raja Pajajaran jenenganana Prabu Siliwangi.
Kukituna aya Prabu Siliwangi kahiji, kadua, katilu, jeung saterusna, saperti
oge raja Majapahit di Tanah Jawa, aya Prabu Brawijaya kahiji, kadua, katilu
jeung saterusna. Samemeh jadi raja Pajajaran, Prabu Siliwangi ngalaman heula
hirup prihatin kulantaran dipikangewa ku dulur terena. Memang anjeunna putra
raja Pajajaran, nuju alit kakasihna Sang Pamanahrasa. Kasieunan mahkota
karajaan ragrag ka Sang Pamanahrasa, anu memang hakna, dulur terena kungsi rek
nandasa, tapi sacara gaib teu mempan. Saterusna Sang Pamanahrasa dibalur
kulitna nepi ka rupana jadi hideung sarta dijual ka sudagar, tapi dijual deui
ka raja daerah Sindangkasih nu perenahna di wewengkon Cirebon ayeuna. Kusabab
laku lampahna hade tur loba kabisa, Sang Pamanahrasa dipulung minantu ku raja
Sindangkasih, malah teu mangkuk lami diangkat jadi raja Sindangkasih ngagentos
mertuana. Sanggeus identitasna kabuka sarta ku kamotekaran jeung
kasantikaanana, ahirna Sang Pamanahrasa dijungjung lungguh raja Pajajaran. Ti
harita jenenganana digentos jadi Prabu Siliwangi. Anjeunna kongas raja
wijaksana, nyaah ka rayat, gede wawanen, loba akal tarekah, sareng sifatna adil
palamarta. Cindekna, pribadi Prabu Siliwangi mangrupa tokoh manusa, pamingpin,
sareng raja nu ideal. Eta anggapan, malah kapercayaan, hirup keneh di kalangan
urang Sunda nepi ka kiwari.
Kiwari
jenengan Karajaan Pajajaran jeung Prabu Siliwangi dipake pikeun ngajenenganan
rupa-rupa hal, saperti lembaga pendidikan, jalan, majalah, organisasi. Basana
teh ngalap berkah tina nanjungna Karajaan Pajajaran jeung seungitna Prabu
Siliwangi sarta itung-itung ngalanggengkeun sajarah luluhur. Pajajaran
diantarana dipake jenengan hiji universitas utama di Tanah Sunda, organisasi
kasenian, jalan, majalah, teks lagu, jeung sajaba ti eta. Kitu deui siliwangi
dipake jenengan kasatuan militer di Tanah Sunda, universitas, organisasi
pamuda, bioskop, jalan, majalah/suratkabar, jeung sajaba ti eta.
Taun 1966
Moh. Amir Sutaarga ngumumkeun hasil panalungtikanana ngeunaan identitas Prabu
Siliwangi ditilik tina jihad sajarah. Dumasar perbandingan rupa-rupa sumber boh
anu miboga ajen sastra boh anu mibona ajen sajarah boh ajen sejenna anjeunna
nyindekkeun yen Prabu Siliwangi sabage tokoh sastra identik sareng Sri Baduga
Maharaja sabage tokoh sajarah. Eta tokoh teh luhung elmuna, loba hasil
garapanana, gede wewesenna, sarta dipikaserab kapamingpinanana. Tapi nurutkeun
Ayatrohaedi, tokoh sastra Prabu Siliwangi teh identik sareng tokoh sajarah
Prabu Niskala Wastukancana, akina Sri Baduga Maharaja. Prabu Niskala
Wastukancana (1371-1475) kongas wijaksana, nanjeurkeun hukum, hirup sederhana
religius (satmata), sarta ngutamakeun kapentingan rayat. Pamiangan eta
kacindekan dumasar kana katerangan naskah Sanghiyang Siksakandang Karesian yen
taun 1518 jenengan Siliwangi geus jadi ngaran lalakon carita pantun. Kukituna
mustahil raja anu nyangking kalungguhan keneh jenenganana parantos dianggo
ngaran carita pantun anu sifatna sastra. Tapi deuih Ayatrohaedi henteu nolak
kacindekan Moh. Amir Sutaarga. Saurna, bisa jadi duanana disinugrahan gelar
Prabu Siliwangi ku rayatna, lantaran duanana raja agung tur populer. Saurna
deui, jenengan Prabu Siliwangi asalna tina Prabu Wangi, gelar almarhum Prabu
Maharaja, ramana Prabu Niskala Wastukancana, anu kawangikeun alatan gugur di
Bubat (1357) nuju ngabela kahormatan nagara katut lemah caina.
Ahir
Karajaan Sunda digambarkeun oge di jero kabudayaan Sunda. Gambaranana henteu
negatif, lain aib, tapi sabage parobahan anu sifatna alamiah. Prabu Siliwangi
keukeuh mageuhan agemanana (zaman heubeul), tapi henteu nyarek putrana
(Walangsungsang, Rarasantang, Kean Santang) lebet Islam (zaman anyar). Prabu
Siliwangi nutup lalakonna ku cara ngahiyang ka alam kalanggengan, putrana
nguniang hudang nyieun sajarah anyar.
Kukituna,
kaayaan urang Sunda katut lemahcaina dina mangsa Karajaan Pajajaran, nurutkeun
kabudayaan Sunda mah mangrupa kaayaan ideal, mangsa Sunda jaya. Prabu Siliwangi
digambarkeun sabage pahlawan kabudayaan Sunda. Timbulna gambaran kitu teh,
jigana, kulantaran sabadana mangsa Karajaan Pajajaran, urang Sunda katut
lemahcaina terus-terusan pinanggih jeung kaprihatinan, salilana aya dina
kakawasaan deungeun (jati kasilih ku junti), tapi bari terus ngarep-ngarep
tandangna deui Prabu Siliwangi kiwari sarta ngalaman deui zaman Pajajaran
anyar. Dina sabagian teks lagu mah digambarkeun yen Prabu Siliwangi ngungun
ningali ti alam kahiyangan kaayaan Tatar Sunda katut rayatna paburantak tur
lara balangsak.
"Hasil
meleng hasil ngimpleng, anjogna semet ngahuleng, Tatar Sunda paburantak,
paburantak, rahayatna lara balangsak.
Beak taun beak windu, ngabandungan nyerangkeun ti kaanggangan, lampahna pra seuweu-siwi, Pajajaran."
Beak taun beak windu, ngabandungan nyerangkeun ti kaanggangan, lampahna pra seuweu-siwi, Pajajaran."
II. KARAJAAN SUNDA JEUNG KARAJAAN GALUH
1. Ngadegna
Karajaan Kembar
Katompernakeun
abad ka-7 Karajaan Tarumanaga anu ngadeg di Tatar Sunda ti mimiti awal abad
ka-5 Masehi tinemu suda kakawasaan katut kakuatanana. Bisa jadi eta teh
dilantarankeun ku eleh saingan di laut jeung Karajaan Sriwijaya ti wewengkon
Sumatera Kidul. Tarumanagara anu puseur dayeuhna di basisir kaler (Sundapura?)
di antara Jakarta-Bekasi kasieuhkeun pangupahjiwana jeung kaamananana ku
mekarna Sriwijaya jadi nagara maritim di wewengkon Indonesia beulah kulon. Tapi
pairing-iring jeung caremna Tarumanagara, di wewengkon pagunungan mitembeyan
ngadeg dua karajaan anyar anu dingaranan Karajaan Sunda jeung Karajaan Galuh.
Karajaan Sunda diadegkeun ku raja Tarusbawa, ari nu ngadegkeun Karajaan Galuh
nya eta Wretikandayun. Duanana oge masih keneh sarerehan, tunggal teureuh
Tarumanagara. Puseur dayeuh Karajaan Sunda nya eta Pakuan (kota Bogor ayeuna),
perenahna di sisi walungan Ciliwung anu ngamuara di kota palabuan Kalapa (kota
Jakarta ayeuna). Ari puseur dayeuh Karajaan Galuh kungsi aya dua tempat. Mimiti
puseur dayeuhna di Bojong Galuh (wetaneun kota Ciamis kiwari), perenahna di
antara tinemuna walungan Citanduy jeung walungan Cimuntur anu brasna ka Laut
Kidul (Lautan Hindia ayeuna). Laju pindah ka Kawali (kalereun kota Ciamis) anu
perenahna di tutugan Gunung Sawal. Wates alam wewengkon eta dua karajaan
mangrupa walungan Citarum. Beulah kuloneun walungan Citarum mangrupa wewengkon
Karajaan Sunda, kawetankeun wewengkon Karajaan Galuh. Wates alam wewengkon
Karajaan Sunda beulah kaler, kulon, jeung kidul mangrupa laut, nya eta Laut
Kaler (Laut Jawa ayeuna), Selat Sunda, jeung Laut Kidul. Ari wates beh kaler,
wetan, jeung kidul Karajaan Galuh nya eta Laut Kaler, walungan Cipamali, jeung
Laut Kidul. Beh wetan Karajaan Galuh tepung wates jeung Karajaan Majapahit anu
puseur dayeuhna Trowulan (deukeut kota Mojokerto ayeuna), perenahna di sisi
kali Brantas anu ngamuara di kota palabuan Surabaya ayeuna. Majapahit minangka
karajaan urang Jawa (sukubangsa Jawa ayeuna).
Ieu dua
karajaan disebut kembar, lantaran duanana lahir dina waktu anu meh bareng
(akhir abad ka-7 Masehi) tur perenahna parerendeng. Di sagigireun eta, tali
mimitran diantara duanana raket pisan boh dina kakulawargaan boh dina
kanagaraan. Malah mindeng kajadian kakawasaan raja di hiji karajaan ngurung
kakawasaan di karajaan nu hiji deui, boh kulantaran boga hak tina alatan
pernikahan boh kulantaran boga hak tina alatan turunan (sagetih), saperti
nalika pamarentahan raja Sanjaya (623-632), Rakeyan Darmasiksa (1175-1297),
Perbu Niskala Wastukancana (1371-1475), Sri Baduga Maharaja (1482-1521). Sok
sanajan kitu, sawaktu-waktu mah kajadian oge pagetreng diantara eta dua
karajaan, kulantaran parebut kadudukan jeung beda pamadegan di antara para
pamingpinna, tapi henteu ari nepi ka ngabalukarkeun bengkah duduluran katut
peperangan rongkah mah. Keur urang luar Sunda mah ieu dua karajaan katelahna
Karajaan Sunda bae.
2. Kahirupan
Ekonomi
Pindahna
puseur dayeuh karajaan ti basisir (Tarumanagara) ka pagunungan mawa dampak ka
nagara katut rakyat Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda leuwih ngutamakeun
kahirupan tatanen tibatan kagiatan buniaga. Harita tatanen urang Sunda anu
ngabaku nya eta ngahuma, melak pare di huma, di lahan anu tuhur, lain di lahan
baseuh (sawah). Tanah di Tatar Sunda memang lendo, bubuhan leuweung geledegan
keneh, lapisan taneuh bagian luhur loba nu asalna tina lebu gunung api anu
bitu, tingparentul gunung anu mindeng ngadatangkeun hujan nepi ka cai curcor,
walungan ting raringkel di ditu di dieu. Kukituna teu wudu mucekil hasil tina
tatanen teh. Lian ti nyukupan pikeun dahar sapopoe, paleuleuwih beasna dijual
ka mancanagara. Hasil melak pedes oge, lolobana mah iangkeuneun ka mancanagara.
Mangsa harita pedes, cengkeh, jeung pala anu disebut rempah-rempah jadi barang
dagangan internasional anu dijual sacara tatalepa nepi ka Eropa.
Sasela-selaning
ngahuma, loba patani anu sok moro sato ngarah daging, kulit, tanduk, jeung
culana. Sato-sato anu sok diboro kayaning uncal, peucang, banteng, badak, jeung
rea-rea deui. Di sagigireun eta, para patani migawe oge nyadap tangkal kawung
pikeun diala lahangna. Lahang teh mangrupa cai anu kaluar tina langgari kawung,
rasana amis matak seger kana badan. Tapi babakuna lahang jadi bahan pikeun
nyieun gula, disebutna gula kawung. Hasil tina nyadap oge mokaha, bisa ngajual
gula kawung ka para padagang boh padagang pribumi boh padagang ti mancanagara.
Ti jaman
Tarumanagara basisir kaler jadi jalan dagang laut internasional anu
nyambungkeun tata buniaga ti wewengkon Indonesia ka Asia Kidul, Asia Kulon,
katut Asia Wetan. Barang dagangan anu laris mangsa harita nya eta emas,
rempah-rempah, kaen, beas. Lila-lila mah di wewengkon ieu dua karajaan ngadeg
sababaraha kota palabuan. Nurutkeun catetan Tome Pires, urang Portugis anu
ngideran jaladri Indonesia taun 1513, aya 6 kota palabuan sapanjang basisir
kaler wewengkon Karajaan Sunda, ngajajar ti kulon ka wetan nya eta Banten, Pontang,
Cikande, Kalapa, Karawang, jeung Cimanuk. Kota palabuan Cirebon jeung Japura,
ceuk Tome Pires, geus misah ti Karajaan Sunda.
Di jero
karajaan aya sabaraha jalan anu nyambungkeun hiji daerah jeung daerah sejen,
hiji kota jeung kota sejen. Diantarana jalan gede anu nyambungkeun puseur
dayeuh Pakuan jeung puseur dayeuh Galuh ngaliwatan jalan kaler jeung jalan
kidul. Kitu deui jeung daerah Banten di beh kulon disambungkeun ka Pakuan ku
dua jalan ngaliwatan jalan kaler jeung jalan kidul. Jalan kaler mapay padataran
anu sajajar jeung basisir kaler, jalan kidul mah mileuweungan mapay wewengkon
pagunungan. Mangsa harita walungan dijadikeun jalan oge anu ngahubungkeun
daerah basisir jeung daerah pagunungan make kapal atawa parahu. Walungan anu
kakoncara loba balawiri parahuna nya eta Cibanten, Cisadane, Ciliwung, Citarum,
jeung Cimanuk. Walungan Ciliwung ngahubungkeun puseur dayeuh Pakuan, katelah
oge Pakuan Pajajaran, jeung kota palabuan Kalapa. Ti ieu kota palabuan
merlukeun waktu dua poe perjalanan make kapal pikeun ngajugjug ka Pakuan.
Kalapa minangkana mah kota palabuan panggedena jeung pangramena di Karajaan
Sunda mah. Kapala kota palabuanana oge gede wibawa jeung pangaruhna.
Penduduk
puseur dayeuh Pakuan Pajajaran kurang leuwih 50.000 jiwa jumlahna. Dina tanggal
21 Agustus 1522 di dieu kungsi ditanda hiji perjangjian gawe bareng dina widang
ekonomi jeung pertahanan antara gegeden Karajaan Sunda jeung gegeden urang
Portugis anu puseur kagiatanana di Malaka.
3.
Pamarentahan
Karajaan
diparentah ku raja. Jaman harita kadudukan raja dumasar kana konsep kultus
dewaraja, nyaeta pandangan yen raja teh sabage wakil dewa di bumi. Kukituna
raja kacida dihormatna, malah tampolana disembah ku rayatna siga ka dewa. Raja
nyekel kakawasaan mutlak tur miboga hak turun-tumurun ngalinggihan tahta
karajaanana. Lilana raja marentah henteu diwatesanan, umumna mah dugi ka
pupusna atanapi dugi ka ngaraos sepuh sareng hoyong ngahenang-ngahening
museurkeun lelembutanana kana kahirupan jaga sabada ninggalkeun dunya.
Aya aturan
anu nangtukeun saha pigentoseun raja anu pupus atanapi anu ngecagkeun
kalungguhan. Eta aturan nangtukeun daftar prioritas hak waris dumasar kana
tingkat padeukeutna hubungan getih raja jeung anu bakal ngagantina. Anu
pangluhurna nya eta putra raja pameget ti prameswari anu cikalna. Upama cikalna
putra istri nya turun ka putra pameget adina anu kahiji, kadua, jeung
saterusna. Upama teu aya putra pameget ti prameswari, turun ka putra pameget ti
selir. Upama teu aya putra pameget bisa oge turun hak waris ka putra istri.
Raja anu teu kagungan putra, ragrag hak warisna ka saderek sagetih. Kungsi
kajadian hak waris karajaan ragrag ka minantu (lalaki).
Pamarentahan
Karajaan Sunda jeung Karajaan Galuh disusun ku wangunan federasi. Ku kituna aya
raja pamarentah puseur anu nyekel kakawasaan sakumna karajaan tur linggihna di
puseur dayeuh nagara, gelarna maharaja. Aya oge raja-raja di daerah anu nyekel
kakawasaan di daerah-daerah. Umumna raja di daerah masih keneh katalian dulur
(getih, pernikahan) jeung raja di puseur, malah aya raja daerah anu naek
pangkat jadi raja puseur, waktu jabatan raja di puseur kosong. Rakeyan
Darmasiksa, upamana, memeh mangku kaprabon di Pakuan, kungsi jadi raja daerah
heula di Saunggalah.
Di
sabudereun raja aya pajabat-pajabat anu mangku pancen masing-masing, kayaning
patih (anu ngajalankeun pamarentahan sapopoe), mangkubumi (anu ngatur urusan
tanah), lengser (pangbantu pribadi raja), nu nangganan (pajabat nu nguruskeun
masalah jeung daerah), wado (pajabat puseur nu aya di daerah), hulujurit (panglima
perang), jurubasa darmamurcaya (penterjemah rupa-rupa basa). Kitu deui di
daerah aya sababaraha pajabat daerah anu ngabantu raja daerah, kayaning
pangurang dasa calagara anu pancenna nagihan pajeg. Raja daerah boga hak pikeun
mungut pajeg ka rayat. Sabagian tina eta pajeg digunakeun pikeun ngajalankeun
pamarentahan di daerah (pangwereg), sabagian deui disetorkeun ka pamarentah
puseur (pamwatan). Sabalikna, raja daerah boga kawajiban datang ka puseur
dayeuh sabage tanda satia ka raja puseur bari sakalian masrahkeun pajeg jeung
upeti anu mangrupa hasil bumi ti eta daerah.
Pamarentahan
diatur ku rupa-rupa papagon anu disusun nungtut unggal generasi.
Undang-undang
(papagon) pamarentahan munggaran nya eta Sanghiang Watangageung anu disusun ku
Rahiyangta ri Medangjati kira-kira dina abad ka-7. Saterusna eta papagon
dilengkepan saban waktu upama katimbang perlu, nepi ka ahirna aya undang-undang
pikeun ngatur kagiatan kaagamaan (dewasasana), pamarentahan (rajasasana), jeung
kahirupan rayat sakumna (manusasasana). Eta aturan dumasar kana dua sumber
hukum, nya eta ajaran agama (Hindu, Buddha, Jatisunda) jeung ajaran luluhur
(patikrama, purbastiti, purbajati). Karajaan Sunda ngutamakeun pisan aturan
(hukum) dina ngolah nagarana nepi ka digambarkeun waktu hukum dicekel pageuh,
nagara tinemu aman santosa, kerta raharja; tapi waktu hukum disapirakeun,
nagara nyorang awut-awutan, malah ahirna mah (1579) runtag samasakali.
4. Kaagamaan
Kahirupan
jaman harita raket pisan pakaitna jeung kapercayaan tur kagiatan kaagamaan.
Agama anu dianut nyoko kana ajaran agama Hindu jeung agama Buddha anu asalna ti
India. Eta dua agama asup ka Tatar Sunda ti jaman Karajaan Tarumanagara keneh.
Bukti-bukti anu kapanggih ngeunaan eta hal, saperti candi Cangkuang di Garut,
candi Batujaya di Karawang, patung Buddha di Talaga (Majalengka), arca Syiwa di
Kendan (Bandung). Sok sanajan kitu, dibandingkeun jeung pangaruh agama
Hindu/Buddha anu tumerap di Tanah Jawa (Mataram, Kediri, Singasari, Majapahit),
pangaruh eta dua agama di Tatar Sunda kaasup leutik pisan. Titinggal mangrupa
patilasan punden berundak, kabuyutan, arca tipe Polynesia, jeung naskah
nembongkeun yen sabagian gede masyarakat Sunda jeung Galuh ngagem agama
Jatisunda, nya eta agama hasil sinkretisme kapercayaan ka arwah luluhur, ajaran
Hindu, jeung ajaran Buddha. Dina ieu hal urang Sunda alam harita geus ngabogaan
konsep sorangan ngeunaan kaagamaan anu ngurung tilu hal, nya eta (1)
kapangeranan, (2) kahirupan sanggeus nyawa ninggalkeun raga, jeung (3)
cara-cara pikeun nyalametkeun diri boh keur salila kumelendang di ieu dunya boh
keur hirup jaga di aherat.
Tilu dewa
(Trimurti) anu dianggap pangeran pangluhurna ceuk agama Hindu (Brahma, Wisnu,
Syiwa), nurutkeun ajaran Jatisunda, perenahna sahandapeun sanghiyang. Jadi,
sanghiyang minangka unsur kakawasaan anu pangluhurna. Sanghiyang nyiptakeun
alam sagemblengna. Sanghiyang ngatur sakumna mahluk. Sacara mutlak Sanghiyang
nyekel kakawasaan di jagat raya. Tempat dumuk Sanghiyang di Kahiyangan anu
pernahna di luar alam dunya ieu. Kahiyangan teh alam anu suci, sepi, tur
langgeng taya gangguan kahirupan dunya.
Asup ka alam
Kahiyangan katut hirup ngahiji sareng Hiyang sabada nyawa ninggalkeun raga
mangrupa panyileukan manusa, sabab nya di dinya nyampak kabagjaan abadi. Eta
panyileukan bisa kahontal, upama manusa salila hirupna di alam dunya
ngagungkeun tur nyembah Hiyang sarta loba nyieun kahadean ka sasama manusa,
laku lampahna hade luyu jeung pancen hirupna.
Kasalametan
jeung kabagjaan hirup di alam pawenangan (dunya) jeung di alam kalanggengan
(aherat) gumantung kana ajen tapa hiji jalma anu dilakonan salila hirupna di
alam dunya. Tapa teh nya eta garapan gawe nurutkeun kaahlian jeung pagawean
masing-masing. Lamun tapana hade tur daria, kahirupan di dunya jeung di
aheratna oge pinanggih kasalametan jeung kabagjaan. Tapi sabalikna, lamun
tapana goreng, kahirupanana oge bakal tinemu jeung kacilakaan katut
katunggaraan boh di dunya boh di aherat.
5. Basa,
Aksara, jeung Sastra
Yakin pisan
yen masyarakat Sunda zaman Karajaan Sunda jeung Karajaan Galuh geus ngabogaan
basa jeung aksara. Eta hal teh dumasar bukti-bukti mangrupa titinggal tinulis
(prasasti, naskah, jeung catetan urang mancanagara). Salian ti eta, zaman
harita urang Sundana sorangan ngaku yen geus ngabogaan basa jeung aksara
sorangan. Kiwari basa jeung aksara anu dipake zaman harita disebutna basa Sunda
Kuna jeung aksara Sunda Kuna. Eta sesebutan pikeun ngabedakeun jeung basa Sunda
ayeuna anu katelah basa Sunda Modern. Adeg-pangadeg aksara Sunda Kuna jeung
kabeungharan kecap basa Sunda Kuna dipangaruhan ku basa Sansekerta jeung aksara
Palawa anu asalna ti India.
Hanjakal
pisan basa jeung aksara Sunda Kuna henteu lana hirupna, kulantaran menak-menak
Sunda kabongroy ku basa jeung aksara anyar ti piluaran ti mimiti ahir abad
ka-17. Atuh ieu basa jeung aksara teh pegat di tengah jalan, henteu nyambung ka
zaman satuluyna. Balukarna loba nu nyangka, kaasup urang Sundana sorangan, yen
urang Sunda teu bogaeun aksara sorangan jeung basana henteu bisa dipake
masamoan dina kahirupan sastra, kanagaraan, jeung elmu pangaweruh. Kitu deui,
lamun urang Sunda kiwari maca teks Sunda Kuna, aksarana teu kabaca sarta basana
teu kaharti. Kumaha wujud basa Sunda Kuna teh? Ieu contona sakadar ubar
kapanasaranan. "Nya mana sang rama enak mangan, sang resi enak ngaresisasana,
ngawakan na purbatisti, purbajati. Sang disri enak masini ngawakan na
manusasasana, ngaduman alas pari-alas." Tarjamahna: "Mana sang rama
tengtrem nguruskeun bahan pangan. Sang resi tengtrem ngajalankeun palaturan
karesianana, ngamalkeun tali-paranti karuhun, adat baheula. Sang disri tengtrem
ngaracik rupa-rupa ubar. (Raja) ngalaksanakeun aturan kahirupan manusa,
ngabagi-bagi leuweung jeung tanah di sabudereunana."
Aksara Sunda
Kuna dijieun sanggeus urang Sunda wanoh kana aksara Palawa pikeun nuliskeun
basa Sanskerta. Kumaha cara nuliskeun basa Sunda? Kalawan cecekelan aksara
Palawa, nya dijieun aksara Sunda (Kuna) pikeun ngawujudkeun basa Sunda (Kuna)
sacara tinulis. Ti harita gubrag ka dunya aksara Sunda (Kuna). Abjadna dumasar
kana engang dina kecap anu jumlahna 18 sarta unina: ka ga nga, ca ja nya, ta da
na, pa ba ma, ya ra la, dan wa sa ha. Aya oge aksara lambang vokal mandiri,
angka, jeung tanda pikeun lambang sora vokal sejen katut tambahan tanda lianna.
Puisi zaman
harita diwangun ku susunan jajar demi jajar anu unggal jajar kauger ku 8
engang. Eta wangunan puisi teh disebutna carita pantun. Pantun mangrupa seni
pertunjukan asli urang Sunda. Juru pantun nembangkeun carita pantun bari
dipirig ku kacapi. Ku kituna carita pantun miang tina tradisi lisan. Conto
puisi jenis pantun kaunggel di handap ieu.
Ambuing
karah sumangerIbu wilujeng kantun
Pawekas pajeueung beungeut
Panungtung patembong raray
ambu kita deung awaking
ibu sareng diri abdi
Pawekas pajeueung beungeut
Panungtung patembong raray
ambu kita deung awaking
ibu sareng diri abdi
Sapoe ayeuna
dini
Sapoe poe ieu pisan
pajeueung beungeut deung aing
patepung lawung sareng sim abdi
Mo nyorang pacarek deui
(Jaga mah) moal ngalaman pataros deui
Sapoe poe ieu pisan
pajeueung beungeut deung aing
patepung lawung sareng sim abdi
Mo nyorang pacarek deui
(Jaga mah) moal ngalaman pataros deui
moma tina
pangimpian
iwal dina pangimpian
pajeueung beungeut di bulan
patepung lawung di bulan
patempuh awak di angin
pasalisir awak di angin
iwal dina pangimpian
pajeueung beungeut di bulan
patepung lawung di bulan
patempuh awak di angin
pasalisir awak di angin
6. Runtagna Karajaan
Iwal ti
nyatet kota-kota palabuan di Karajaan Sunda jeung kagiatanana, Tome Pires
nyatet oge kaayaan Karajaan Sunda anu pakait jeung sabab runtagna ieu karajaan.
Dicaritakeun yen harita raja Sunda nyieun kawijakan pikeun ngawatesanan jumlah
padagang muslim buniaga di wewengkon Karajaan Sunda, sabab ngarasa hariwang ku
mekarna buniaga jeung jumlah kaum muslimin. Memang harita geus loba padagang
muslim bubuara di kota palabuan Cimanuk, malah kota palabuan Cirebon jeung
Japura mah geus misahkeun diri ti lingkungan Karajaan Sunda. Kabejakeun oge di
kota palabuan Banten jeung Karawang geus aya para padagang jeung kaum muslimin
sejenna anu mukim. Atuh rayat Sunda mimiti nungtutan pindah agama jadi ngagem
agama Islam. Keur pamarentah puseur mah eta hal teh jadi ancaman anu
sawaktu-waktu ngbarubahkeun. Memang teu mangkuk lila ti harita timbul
daerah-daerah anu baruntak, untung Prabu Surawisesa (1521-1535) masih keneh
kuat mingpin pasukan pikeun ngungkulanana.
Sapupusna
Prabu Surawisesa, raja-raja Sunda (4 raja) teuing ku hengker tur sikep
paripolahna henteu hade, leuwih loba ngutamakeun kasenangan dirina tibatan
ngurus nagara jeung rayat. Di ditu di dieu timbul deui nu baruntak, teu bisa
diungkulan. Banten misahkeun diri. Ahirna Karajaan Sunda teu mangga pulia
nyanghareupan kakuatan gabungan Cirebon, Banten, jeung Demak anu ngarurug
puseur dayeuh Pakuan Pajajaran taun 1579.
di cutat
tina seratan
Edi
S. Ekadjati
Gurubesar Tamu Research Institute for Languages and Cultures of Asia and Africa Tokyo University of Foreign Studies
Baca ogè>>>